Lirik Lagu Jang - Oon B

Lirik Lagu Jang - Oon B

Jang hirup teh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran
Bari kudu dilakonan

Jang jalan kahirupan
Henteu salawasna datar
Aya mudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang
Ulah nepak dada benghar
Salawasna kudu syukur
Eling kanu Maha Agung
Kade hidep bisi kupur

Jang cing jadi jalma hade
Cing jadi jalema gede
Benghar harta jemar hate

Jang hidep cing ngajalma
Turut parentah agama
Ulah jauh ti ulama
Nyobat sareng ahli tobat
Galib sareng para kiayi
Hirup kena ku owah gingsir
Ngarah aya anu ngageuing
Mangsa langkah ninggang salah

Cing pinter tur bener
Cing jujur tong bohong
Ulah nganyerikeun batur
Ngarah hirup loba dulur

Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabeat
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia akherat
Jang jang cing jadi jalma soleh

Jang cing jadi jalma hade
Cing jadi jalema gede
Benghar harta jemar hate

Jang hidep cing ngajalma
Turut parentah agama
Ulah jauh ti ulama
Nyobat sareng ahli tobat
Galib sareng para kiayi
Hirup kena ku owah gingsir
Ngarah aya anu ngageuing
Mangsa langkah ninggang salah

Cing pinter tur bener
Cing jujur tong bohong
Ulah nganyerikeun batur
Ngarah hirup loba dulur

Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabeat
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia akherat
Jang jang cing jadi jalma soleh
Jang jang hidep sing soleh
Next Post Previous Post